See all items in this section
Gunung-Gunung Penting
Judul Gunung-Gunung Penting
Ringkasan "Gunung gunung Gusti anu kasohor". Buku-buku anu alit ieu, bade nerangkeun perkawis padamelan Gusti disababaraha gunung anu penting di Timur Tengah anu di catat dina Kitab suci. Buku buku alit ieu diserat nganggo bahasa anu sederhana, oge diserat supados dimaos ku nonoman.
Judul Ringkasan
1- Gunung Kabebasab: Ararat Gunung ieu aya patalina sareng Nabi Nuh. Waktos parahuna kandas dipuncak Ararat, kisah ieu nyarioskeun kasatiaan Allah ka Nuh anu taat ka Allah sareng ngadamel parahu anu diparentahkeun Allah ka Nuh. Janten Nuh sakaluargi salamet tina cai caah, kitu oge sasatoan anu sapasang sapasang, kitu oge manuk anu lebet ka parahu Nuh. baca online
2- Gunung Cobian: Moriah Nyaeta gunung waktos Gusti nyobi iman sareng kasatiaan Ibrahim, Allah menta ka Ibrahim nyandak Ishak, putrana anu dipika asih, disanggakeun ka Gusti janten korban anu suci. Gusti nyalametkeun Ishak di gentos ku domba jalu oge ngaberkahan kasatiaan Ibrahim. baca online
3- Gunung Sapuluh Timbalan: Sinai Sinai nyaete waktos Gusti ngalungsurkeun hokum atanapi paraturan paraturan ka Musa nabina anu satia, anu nyalametkeun bangsana kaluar ti Mesir. Buku ieu eusina pawulang singkat sareng saderhana perkawis sapuluh Firman. baca online
4- Gunung Kaputusan: Carmel Gunung ieu penting kumargi aya patalina sareng adu kasakten antara nabi Elia ngalawan opat ratus nabi baal dijaman raja Ahab. Allah ngawaler paneda nabi Elia ku seuneu anu ngaduruk kurban nabi Elia. Atuh para jalmi anu nyaksian kaayaan eta sarurak kulantaran helok jeung bungah. Cenah “Yahweh the gusti Yahweh the Gusti”. baca online
5- Gunung Dodoja Ieu tempat anu sepi di padang gurun waktos saatosna Kangjeng Isa saum opat puluh dinten di doja ku sijahat, Kangjeng Isa tetunduk ku cocoba tisetan, malahan ngelehkeun sijahat sareng sagala tipu dayana. baca online
6- Gunung Pangajaran Nyaeta gunung paragi Kangjeng Isa ngawulang para muridna dasar dasar pangajaran iman Kristen.tingkah laku sareng tatakrama, pangajaran ieu disebat “khotbah dibukit”. baca online
7- Gunung Kamulyaan: Hermon Ieu gunung tempat Yesus dimulyakeun, Kangjeng Isa ngajirim dina lebet kamulyaan sawargana ngajentrekeun ka tilu urang murid muridnya. Nyaeta, Petrus, Yakobus sareng Yohanes anu nyarengan anjeuna di gunung ieu, nabi Musa sareng nabi Elia oge rawuh dina lebet cahaya kamulyaan gigireun Kangjeng Isa. baca online
8- Gunung Kasalametan: Golgota Golgota, /tangkorak, nyaeta tempat Yesus Kristus disalibkeun kanggo nyalametkeun urang sadaya tina dosa. Sareng Anjeunna, Kangjeng Isa, nyaeta anu nebus urang sadayana tina dosa, buku ieu ngajelaskeun perkawis naon sababna Kangjeng Isa disalib. baca online
9- Gunung Pamunggahan: Gunung Jaitun Buku ieu ngajelaskeun perkawis pamunggahan Kangjeng Isa Almasih ka sawarga saparantos Anjeuna gugah tina kuburan, dipayuneun murid muridna, oge Yesus ngajentrekeun amanatna ka para muridna, supados janten saksiNa sareng janten beware Injil ka balarea. baca online